DIAJAR BASA SUNDA PIKEUN KELAS VIII semester genap SMP Negeri 10 Bandung Akiel 77 [Date] [Course title]
Pertemuan ka 1 ُاَﻟ ﱠﺳ َﻼ ُم َﻋﻠَ ْﯾ ُﻛ ْم َو َر ْﺣ َﻣﺔُ ِﷲ َوﺑَ َر َﻛﺎ ﺗُﮫ Sampurasun! Kumaha damang? Urang ayeuna lebet ka Semester Genap, dikawitan 11 Januari 2021, Mugia hidep sadaya aya dina kaayaan anu siap lahir bathin. KKM kanggo Basa Sunda nya eta 72 Barudak kanggo pertemuan ayeuna ibu baris ngadugikeun SK KD anu kedah kahontal ku hidep Kanggo kelas 8 aya 4 KD nya eta 1. Guguritan 2. Memandu Acara (MC) 3. Carita Pondok 4. Laporan Peristiwa Langkung Jelas tinggal keterangan di handap!! 3.5 Mengidentifikasi bentuk, struktur, kaidah, 4.5 Mengekspresikan guguritan pupuh Durma dan dan aspek kebahasaan guguritan pupuh Mijil dengan memperhatikan ekspresi dan teknik durma dan mijil. vokal. 3.6 Memahami dan mengidentifikasi fungsi 4.6 Menyajikan teks memandu acara dalam situasi sosial, struktur, dan aspek kebahasaan formal dan nonformal dengan memperhatikan teks memandu acara dalam situasi formal ekspresi, dan lagu kalimat (lentong). dan non formal. 4.7 Menanggapi nilai-nilai carita pondok dengan 3.7 Memahami dan mengidentifikasi struktur, memperhatikan unsur-unsur intrinsik, struktur unsur, dan aspek kebahasaan carita teks, serta aspek kebahasaan. pondok. 3.8 Memahami dan mengidentifikasi struktur 4.8 Menanggapi bahasa dan isi laporan peristiwa teks dan aspek kebahasaan laporan dengan memperhatikan kerunutan kalimat dan peristiwa. kesantunan berbahasa. Sadaya Materi aya dina Buku paket Gapura Basa kelas VIII anu parantos dibagikeun ka hidep, salian ti eta hidep tiasa milari referensi tina sumber sanesna, tiasa dina buku atawa ti internet. BARUDAK…. Kanggo pertemuan ka 1 mangga ku hidep salin rumpaka kana kertas HVS nu rapih teras di foto , saatos beres di kirim ka GCR nu aya dina link di handap ieu! 1. pupuh mijil dina link https://www.youtube.com/watch?v=AUUXDxDW7Cg 2. sareng pupuh Durma dina link https://www.youtube.com/watch?v=V2rwy2ZY7o8 Diapalkeun Guguritanana (pupuh mijil atawa durma) cekap 1 pupuh. Emut ulah ical, hasil padamelanana simpen kanggo pancen saterasna ( nyambung keneh).
Pertemuan ka 2 ُاَﻟ ﱠﺳ َﻼ ُم َﻋ َﻠ ْﯾ ُﻛ ْم َو َر ْﺣ َﻣﺔُ ِﷲ َوﺑَ َر َﻛﺎ ﺗُﮫ Sampurasun! Kumaha damang? Mugia hidep sadayana aya dina kaayaan sehat wal afiat. Aamiin! Barudak, Dina pertemuan ka hiji hidep parantos ngabandungan sareng nulis rumpaka 2 contoh pupuh mijil sareng durma, kumaha hidep pasti ngaraos aheng/ asing, kukituna ibu baris ngawanohkeun/ ngenalkeun naon eta pupuh anu raket patalina sareng bab ka 5 ngeunaan Guguritan. Dina Bab Kawih saleresna ibu parantos ngabahas ngeunaan pupuh. Pupuh kaasup tembang. Tembang nya eta lalaguan Sunda anu ka uger/ kapatok ku guru lagu jeung guru wilangan. Guru lagu nya eta sora vocal ditungtung padalisan. Guru wilangan nya eta jumlah engang tina saban padalisan. Nu dimaksud pada Nu dimaksud pada nyaeta : Bait nyaeta : Bait Guru lagu nyaeta sora vocal ditungtung padalisan Guru wilangan nyaeta: jumlah engang/suku tina saban padalisan/baris
Pek ku hidep Perhatikeun conto di handap !! Contona pupuh kinanti Guru lagu& Guru Wilanganna Bu-dak leu-tik bi-sa ngapung 6 u ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Ba-ba-ku nga-pung-na peu-ting 6 I ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Ka-la-yang ka-ka-la-yang-an 6 A ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Ne-ang-an nu a-mis-a-mis 6 I ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Sa-ru-pa-ning bu-bu-a-han 6 A ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Na-on wa-e nu ka-pang-gih 6 I ( guru laguna U , lagu wilanganna 6 engang/ suku kata) Jadi bisa dicindekkeun/ disimpulkeun yen pupuh kinanti sapada/sabaitna di wangun ku 6 padalisan/ jajar. Guru lagu jeung wilanganna nya eta 6u-6i-6A-i-6A-6i. Kumaha paham kanggo nangtukeun guru lagu, jumlah padalisan dina unggal padana??? Patokan pupuh beda-beda kumaha pupuhna. Pan pupuh the jumlahna aya 17 pupuh . Contona pupuh kinanti pasti sapadana diwangun ku 6 Padalisan kalawan gurulagu jeung guru wilangan sakumaha di luhur. Latihan ka 2 Pek ku hidep Analisis siga conto di luhurr pupuh mijil jeung pupuh Durma anu kamari parantos di tulis ku hidep siga conto di luhur! 1. Guru lagu jeung Guru wilanganna Rumpaka pupuh Mijil Aduh gusti….anu maha suci... Sim... abdi rumaos Pangna abdi.. dumugi ka késrék Réh ka sepuh teh parantos ngusir Takabur sareng dir... Téga nundung sepuh (Panambih) Aduh gusti nu kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung Réh ka sepuh wantun nundung 2. Guru lagu jeung Guru wilanganna Rumpaka pupuh Durma Di mamana penjajah pada marudah Lantaran dikiritik Ku ahli nagara Yén éta lampah jahat Tapina kalah mudigdig
Ambek-ambekan Dasar nu buta-tuli Latihan ka 3 1. Buka buku paketna Pangajaran Guguritan 2. Baca kaca/hal 66 – 67 3. Kerjakeun Pancen 1 Kerjakeun dina kertas HVS/ Buku/ Polio Di poto hasilna Dikirim ka GCR Diantos nya… Ulah hilap apalkeun 1 pupuh mijil atawa durma, kanggo nilai praktek!! Tetep Sumanget
P ertem uan ka 3 G U G U R IT A N Pertemuan ka 3 Di pertemuan ka 1 sareng ka 2 hidep parantos ngabandungan tur nangtukeun guru lagu, guru wilangan pupuh. Puouh jumlahna aya 17 anu dibagi 2 Sekar Ageung PUPUH (KSAD ; Kinanti, Sinom, Asamarandana, Dangdanggula.) Sekar Alit Salian KSAD Naon kaitanana antara pupuh sareng Guguritan? GUGURITAN nya eta karangan anu ditulis dina wangun pupuh ukuranana pondok. biasana nyaritakeun kaéendahan alam, papatah hirup, jeung kereteg haté pangarangna.ditepikeunna ditembangkeun. Mun guguritan mah ukuranna pondok, berarti aya oge ukurana nu Panjang, nya eta WAWACAN Bedana Guguritan jeung Wawacan Guguritan Wawacan 1. Siga sajak/ puisi 1. Siga Novel 2. Nu dipake hiji pupuh dina hiji carita 2. Dina karanganana ngagunakeun leuwih ti 3. Ukuranna Pondok 2 pupuh Kanggo ayeuna ibu moal ngabahas wawacan. 3. Ukurana panjang Conto Guguritan bisa ku hidep dibuka di buku paket ; 1. Persib nu kuring kaca 66-67 jeung Adat Jalma. Nulis Guguritan Hidep parantos paham guguritan, tos diajar nantukeun guru lagu jeung guru wilangan, apal naon eta pada jeung padalisan. Ayeuna hidep diajar nulis Guguritan. Tahap ka hiji manga ku hidep Kerjakeun latihan di handap! LATIHAN KA 4 Pupuh Durma Ngaran Sasatoan Pek ku hidep lengkepan kalimah dihandap ku cara ngajodokeun, nu kudu luyu jeung guru lagu guru wilangan pupuh durma!! 1. Anak kancra sesebutanana _______________ Piyik 2. ___________anak Japati Badal 3. Ari anak ____________ Belo 4. Eta____________ ngaranna Bocokok 5. ________________ mah anak ucing Bilatung 6. Anak ____________ Buhaya 7. ___________cenah geuning kuda Pupuh Mijil Nataan Parabot Dapur Pek ku hidep lengkepan kalimah dihandap ku cara ngajodokeun, nu kudu luyu jeung guru lagu guru wilangan pupuh Mijil! 1. Rupa-rupa parabot di ___________ Boboko 2. Sangu di ______________ Sééng 3. Paranti nyangu ngaranna ____________ Cai 4. Paranti dahar mah dina ___________ Bumi 5. Ari eta _____________ Poci 6. Wadah ___________tangtu piring Kerjakeun dina dina HVS/polio/buku Poto Kirim di GCR DIANTOS!!
Hatur Nuhun !!
Pertemuan ka-4 ُاَﻟ ﱠﺳ َﻼ ُم َﻋﻠَ ْﯾ ُﻛ ْم َو َر ْﺣ َﻣﺔُ ِﷲ َوﺑَ َر َﻛﺎ ﺗُﮫ Sampurasun! Kumaha damang? Di pertemuan ka 4 ieu mugia hidep sadayana aya dina kaayaan sehat wal afiat. Aamiin! Barudak parantos ngeusi absenna, ulah hilap nya... Hatur nuhun anu tos ngintun pancen praktek pupuhna, mangga anu teu acan di antos dina link https://s.id/pupuh8. Kanggo dinten ayeuna Ulangan ka 1 bab Guguritan , mangga hidep langsung buka link dihandap https://forms.gle/mYV93WEPxAneXSP88 Saupama peunteunna masih di handap KKM (75) mangga ku hidep diulang deui maksimal 3 kali . ___________Hatur Nuhun__________
KD ka 6 Pertemuan ka 5 Mandu Acara Baca Teks MC Di handap ieu!!
LATIHAN 1 Sabada maca conto teks Panata Acara di luhur jawab patalekan ieu ! 1. Naon nu pangheulana diucapkeun ku panata acara? 2. Dina bagian bubuka, panata acara nganuhunkeun ka saha baé? 3. Salian nganuhunkeun, naon deui anu ditepikeun ku panata acara dina bubuka? 4. Dina runtuyan biantara pamapag, Biantara pamapag tis aha nu pangheulan 5. Saha anu mungkas acara dina hiji acara? 6. Naon wae nu aya dina pamungkas/ panutup acara?
PEDARAN MATERI Panata acara disebut ogé protocol atawa MC (master of ceremony). Dina basa Indonesia disebut pembawa acara. Panata acara ngabogaan pancen pikeun ngatur acara resmi, sangkan acara bisa lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun. Kagiatan anu biasa aya panata acarana nya eta . . . 1. Upacara upacara adat upacara bendera upacara muka jeung nutup kagiatan 2. Rupa-rupa gempungan rapat sawala Ceramah Seminar Sawatara hal anu kudu diperhatikeun ku Panata Acara dina mimpin acara 1. Kudu enya-enya apal kana acara nu rek dilaksanakeun, 2. Kudu apal kana runtuyan acara sageblengna, 3. Kudu nyaho saha anu baris hadir, 4. Kudu apal saha -saha anu baris biantara (saha nu nepikeun biantara bubuka, biantara pamapag/sambutan, jeung biantara utama), 5. Kudu apal saha wae anu baris ngisi acarana( nu maca Al-Qur’an, nu ngawih, jeung sajabana) Conto Runtuyan acara Rapat Dina rapat, gempungan, atawa ceramah, biasana runtuyan acarana siga kieu 1. Bubuka, biasana langsung dibuka ku panata acara. Misalna: ngajak sakumna nu hadir pikeun muka acara ku maoskeun Basmallah! 2. Biantara poko/utama pikeun ngadadarkeun/ medar/ ngabahas pasualan. 3. Tanya-Jawab 4. Ngasongkeun hasil rumusan hasil rapat/sawala atawa kacindekan/kasimpulan ceramah. 5. Panutup, biasana langsung ku panata acara ku cara nutup ku macakeun Hamdalah bareng jeung sadaya nu hadir. Dina prakna Jadi panata Acara/ MC aya sawatara anu kudu dipalire/ diperhatikeun diantarana… 1. Sora kudu bedas/ Tarik sarta benter/ Jelas 2. Lentong/intonasi/ wirahmana kudu merenah/pas. 3. Miboga pangaweruh/pengetahuan anu jembar/lega ngeunaan materi anu keur dipedar/ bahas, 4. Miboga kamampuh ngareka basa/ terampil/ komunikatif, sangkan bisa ngirut/ narik ati nu hadir, 5. Surti/paham/situasional kana suasana jeung kahayang nu hadir, jadi teu bosen, 6. Miboga sikeo anu hade nya eta sopan, santun boh tina sikep jeung ucapan, 7. Miboga kamampuh pikeun ngahirupkeun suasana.
LATIHAN 2 Jawab patalekan dihandap kalawan bener! 1. Naon nu dimaksud panata acara? 2. Naon wae pancen panata acara? 3. Naon sababna panata acara kudu apal saha wae anu bakal ngahadiran acarana? 4. Saha anu nyusun runtuyan acara? 5. Naon sababna panata acara sorana kudu bedas tur béntés? 6. Kumaha sakuduna sikep panata acara? Terangkeun alesanna! 7. Naon sababna dina hiji kagiatan kudu aya panata acara/ mc? Kerjakeun dina buku/HVS/Polio Foto Kintun ka GCR Diantos!! Hatur Nuhun!!
Pertemuan ka 6 ُاَﻟ ﱠﺴ َﻼ ُم َﻋ َﻠ ْﯿ ُﻜ ْﻢ َو َر ْﺣ َﻤﺔُ ِﷲ َو َﺑ َﺮ َﻛﺎ ﺗُﮫ Dina pertemuan ka 6 hidep diperedih bisa nyusun acara tur bisa nulis ungkara/ kalimah/ pokpokan dina muka jeung nutup acara sakumaha pemandu acara/ MC. Hidep tiasa muka buku paket atawa buka google kanggo referensi, kenging nyonto ka nu toas aya. Pek ku hidep, acarana bisa milih atawa hidep ngabogaan acara sorangan. Conto-conto acarana siga di handap: 1. Syukuran imah anyar 2. Mieling Kamerdekaan 3. Rapat Osis 4. Reuni Akbar 5. Paturay Tineung 6. Pasanggiri 7. mieling Maulid Nabi Muhammad SAW 8. Jrrd (jeung rea-rea deui) LATIHAN 1 Pek ayeuna hidep jieun hiji susunan acara temana Bebas sarta ungkara/ kalimah/ pokpokanana saupama muka acara jeung nutup acara! Ngaran Acara : …………………………………………………………. Ungkara/kalimah/ pokpokan dina muka acara Susunan Acara Ungkara/kalimah/ pokpokan dina nutup Acara Kerjakeun dina buku/HVS/Polio Foto Kirim hasilna di GCR Hatur Nuhun!!
Pertemuan ka 7 ُاَﻟ ﱠﺴ َﻼ ُم َﻋﻠَ ْﯿ ُﻜ ْﻢ َو َر ْﺣ َﻤﺔُ ِﷲ َو َﺑ َﺮ َﻛﺎ ﺗُﮫ 25 Februari 2021 Siswa-siswi kelas 8 urang tepang deui dina Pembelajaran Basa Sunda. Kumaha kabarna sadayana? Ulah hilap damel resume hasil dina nyimak tayangan di tv 132 nu ka 2, ditulis dina HVS nya... kanggo nambihan nilai hidep, kedah disimak nya... Sabab eta tayangan teh disimak ku siswa sa kota Bandung, piraku hidep heunteu , bilih kakantun, lebar kan. teras tugasna ulah hilap difoto sarenghidep dina proses nyimakna, sareng hasilna foto grid , kitun ka wa grup kelasna, aya nilai tambihan. kanggo Dinten ayeuna nu mosting di grup wa no. absen 13 -18 diantos!! Kanggo pertemuan ka 7 urang lebet ka KD nu ka 7 nya eta Carita pondok. 1. Pek ku hidep baca Bacaan Carita pondok nu judulna “Di Pipir Tajug” kenging Mien Resmana tina buku paket kaca 98 -102, Baca nya sing teleb, pastina resep, teras…. Kerjakeun pancen 1 kaca 102 Saatos hidep rengse, baca pedaranna ngeunaan carpon kaca 103-106, teras…. Kerjakeun Pancen 3 kaca 106 Kerjakeun pancenna dina buku/HVS/Polio Foto Kirim ka GCR Ulah hilap luhurna pasihan wasta sareng kelas Diantos nya… ُاَﻟ ﱠﺴ َﻼ ُم َﻋﻠَ ْﯿ ُﻜ ْﻢ َو َر ْﺣ َﻤﺔُ ِﷲ َو َﺑ َﺮ َﻛﺎ ﺗُﮫ HATUR NUHUN!!
PERTEMUAN KA 8 ُاَﻟ ﱠﺴ َﻼ ُم َﻋﻠَ ْﯿ ُﻜ ْﻢ َو َر ْﺣ َﻤﺔُ ِﷲ َو َﺑ َﺮ َﻛﺎ ﺗُﮫ Sampurasun! Siswa-siswi kelas 8 urang tepang deui dina Pembelajaran Basa Sunda. Kumaha kabarna sadayana? Barudak parantos ngeusi absenna. Hasil pamariosan pancen ka 7 nu kaping 25 Februari, ibu masih keneh mendakan hidep seueur nu teu acan ngintun pancenna, kitu oge pancenna ngan hiji, padahal ibu masihan pancen ka hidep ngerjakeun pancen 1 jeung pancen 3, sok enggal rengsekeun nya... Teras... ulah hilap damel resume hasil dina nyimak tayangan di tv 132 nu ka 2, ditulis dina HVS nya... kanggo nambihan nilai hidep, kedah disimak nya... Sabab eta tayangan teh disimak ku siswa sa kota Bandung, piraku hidep heunteu , bilih kakantun, lebar kan. teras tugasna ulah hilap difoto sarenghidep dina proses nyimakna, sareng hasilna foto grid , kitun ka wa grup kelasna, aya nilai tambihan. kanggo Dinten ayeuna nu mosting di grup wa no. absen 19 - 23 diantos!! Kanggo pertemuan ka 8 masih di KD nu ka 7 nya eta Kecap Kantetan Petunjuk!! Pek ku hidep baca Buku paketna kaca 90 - 92 teras.... Kerjakeun 1. Pancen 8 kaca 92- 93 2. Pancen 9 kaca 95 Kerjakeun pancenna dina buku/HVS/Polio Foto Kirim ka GCR Ulah hilap luhurna pasihan wasta sareng kelas Diantos nya… TETEP SUMANGET :)!! ___________Hatur Nuhun__________
Search
Read the Text Version
- 1 - 16
Pages: